Salila urang hirup di dunya, ti samet hideung nepi wanci ayeuna tangtu boga harepan, impian atawa nadzar anu can kalaksanakeun. Rupa-rupa warna na mah. Mungkin salah sahiji alasan na acan kalaksankeun teh karena memang waktu na can nyumponan, karena kahalang ku anggaran dapurna anu teu ngajurung, atawa karena emang urang pribadi na ngarasa "seunggah" lamun ceuk urang Majalengka mah.
Nya contona mah saperti simkuring anu salila ieu boga kahayang anu can kacumponan. lain ku pedah teu boga waktu, da rarasaan mah asana teh waktu mah luang wae. Simkuring ngaku budak bangor anu rumasa joledar kanu jadi indung bapa. Padahal mah kanyaah anu jadi kolot ka anak mah satungtung aranjeuna hirup moal luntur kagerus jaman.
Salah sahiji na anu can kalakonan ku simkuring teh nyaeta ngawangkong pasosore duaan jeung nu jadi Bapa. Ngobrolkeun tentang pangalaman kahirupan nu geus karandapan ti samet baheula nepi ka jaman kiwari. Saling tuker carita, saling tuker pamikiran, saling tembal guyonan. Di bandungan ku kopi hideung reujeung goreng sampeu. Mani sok wararaas..
Bedegong kabina-bina, nya??
Terus naon peer na ?? Meungpeung bisa jeung keur meungpeung aya, naha bet hnteu? Tah eta..
Cag ah, sakitu wae ti simkuring budak bedegong..
#saungpanineungan